Tetempoan Ku Ahmad Yani

Aya nu keteyep ,marengan lengkah suku nu teu mawa sora .Dihandapeun jandela , reg eureun , panon gular-giler ,ngalieuk ngenca –ngatuhu .Nyidik-nyidik nu teu pasti ,diantara belegbeg poekna peuring.Jurungkunung manehna nangtung ,ngalempengkeun awak, talapok leungeun neueul kana bilik ,dibaturan ku haroshosna sora napas nu ngan kadenge ku simpe. Curuk leungeun katuhu nu diriutkeun,madug antare kana kaca jandela. Ukur ngadua kalian ,bray …jandela aya numuka . Kalacat manehna asup . Sagala Kabungah bedah ! ,ngagolontor, nganteur napsu nu ditahan salila-lila. Peuting nu simpe ,jadi rocet ku sora hegak nu patembalan.Buuk-buuk nu cipruk , awor jeung pakaian nu patulayah,jadi saksi peuting eta, dua jalma keur anteng ngecrokan dosa. “ Akang moal waka Kulem “ ,ceuk manehna . Muyarkeun pipikiran nu keur ngacacang ,nyuay-nyuaykeun tetempoan baheula 20 taun katukang .Hiji lalaki nyuksruk na korsi panjang , nyumputkeun cipanon . Disiksa kutetempoanna baheula, basa aya lalaki sejen , ngalengkah keketeyepan , asup ,kakamar pamajikannana